Gatotkaca Mangkat Birahi (Video & Audio Live) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu waktu ngagejrak di Kampung Papak Serang Desa Serang Mekar, Kec. Ciparay Kab. Bandung taun 2010. Nu gaduh hajatna Bapa Dirja salah saurang nayaga Giriharja 3. Mung hapunten pisan, videona seueur nu kapotong margi VCD na tos aus. Kukituna supados cariosna nyambung, disambung ku audio tina pagelaran Giriharja 3 di tempas sanés nu judul lalakonna sami. Kitu deui audio aslina na campur sareng sora nu nongton, sesah dipisahkeunana sareng sora dalang atawa gamelan. Mung tiasa diedit sakedik robah teu pati ngaguruh teuing dina Adobe Audition. Sinopsis : Sinigeug, di padépokan Andung Kancana, Mahawiku Manikhara keur dideuheusan ku putuna putri sakembaran nyaéta Éndang Pergiwa jeung Éndang Pergiwati. Dua putri téh ménta ijin ka éyangna hayang nepungan bapana nyaéta Adipati Arjuna ti Madukara, panengah Pandawa. Éyangna gé ngabéjaan yén duanana boga lanceuk lalaki béda indung nyaéta Abimanyu, budakna Déwi Subadra, bojona Arjuna nu kahiji. Baheula waktu Arjuna ngalap élmu di padépokan pernah katarik ati kapentang asmara ka putri wiku nu ngaranna Déwi Manohara. Nya antukna dikawinkeun. Ngan Arjuna teu lila di padépokan da terus mulang ka Madukara. Waktu ditinggalkeun ku Arjuna, Déwi Manohara keur ngandeg atawa keur ngandung. Tapi waktu ngalahirkeun, Déwi Manohara maot. Dua putri éta diurus ku éyangna, tur diasuh ku Lurah Catrik nu katelah Mang Uyun. Malah waktu Pergiwa Pergiwati rék nepungan bapana, dianteur ku pangasuhna téa. Di satengahing perjalanan, di tengah leuweung, tiluanana papanggih jeung rombongan ti Astina nu dipimpin ku Resi Dorna atawa Kombayana. Maranéhna meunang pancén ti Prabu Suyudana supaya néangan putri sakembaran keur pangaping pangantén putrina Batara Kresna, nyaéta Putri Sondari nu dipikahayang ku budakna Prabu Suyudana. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Mudah-mudahan pintonan wayang golék ieu janten pieunteungeun ka urang sadayana, teu sakadar hiburan tapi malah mandar tongtonan jadi tungtunan, gogonjakan ulah jadi éjékan anggursi jadi ajakan demi kokohna persatuan jeung kesatuan bangsa. Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa H. Asep Sunandar Sunarya, mugia almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.

Eka Panca Tunggal (Audio Panggung Sukabumi, 1997) - Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Eka Panca Tunggal (Audio Panggung Sukabumi, 1997) - Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH3 Paksi Jaladara (Remake Audio Jernih) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Paksi Jaladara (Remake Audio Jernih) - H. Asep Sunandar Sunarya

Partomarmo Perlaya (Sempalan Tutas Baratayuda) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3
▶︎

Partomarmo Perlaya (Sempalan Tutas Baratayuda) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Lữ Phụng Tiên 6 || Hữu Nghĩa Hoàng Hải Xuân Trúc Bảo Ngọc Trọng Nhân Tiến Phước Ngân Tuyết Minh Tài
▶︎

Lữ Phụng Tiên 6 || Hữu Nghĩa Hoàng Hải Xuân Trúc Bảo Ngọc Trọng Nhân Tiến Phước Ngân Tuyết Minh Tài

GATOT KACA DI FITNAH KURAWA JADI PASEA GEDE
▶︎

GATOT KACA DI FITNAH KURAWA JADI PASEA GEDE

Saembara Dewi Laelasari (Baleendah, 2004) - H. Ade Kosasih Sunarya GH2
▶︎

Saembara Dewi Laelasari (Baleendah, 2004) - H. Ade Kosasih Sunarya GH2

Saembara Dewi Setyaboma (Cimalaka, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Saembara Dewi Setyaboma (Cimalaka, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya

Bima Medal (Audio & Video) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3
▶︎

Bima Medal (Audio & Video) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Gatotkaca Jadi Sanghiang (Audio Panggung, 1999) - Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Gatotkaca Jadi Sanghiang (Audio Panggung, 1999) - Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH3 Gatotkaca Mangkat Birahi (Audio Panggung, 2003) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Gatotkaca Mangkat Birahi (Audio Panggung, 2003) - H. Asep Sunandar Sunarya

Ruatan Batara Kala (Video & Audio Live) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3
▶︎

Ruatan Batara Kala (Video & Audio Live) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Parta Krama Full Video  Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Parta Krama Full Video Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya

Pagelaran Lawas Asep Sunandar Sunarya (Reupload) - Semar Sukma Sajati
▶︎

Pagelaran Lawas Asep Sunandar Sunarya (Reupload) - Semar Sukma Sajati

Birahi Megatkeun Pati Gatotkaca Rarabi Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Birahi Megatkeun Pati Gatotkaca Rarabi Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya

wayang golek Pandawa tuntas nyamur dalang Asep Sunandar Sunarya tahun 2001
▶︎

wayang golek Pandawa tuntas nyamur dalang Asep Sunandar Sunarya tahun 2001

SICEPOT DI TUDUH MALING ALI ALI PANCACOBAH SI CEPOT KA ASUPAM SUKMA
▶︎

SICEPOT DI TUDUH MALING ALI ALI PANCACOBAH SI CEPOT KA ASUPAM SUKMA

Wayang Golek GH3 Bancang Pakéwuh di Amarta (Audio Panggung, 2009) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Bancang Pakéwuh di Amarta (Audio Panggung, 2009) - H. Asep Sunandar Sunarya

[PIKASEURIEUN] Awalna Arimbi Disiksa Ku Bima Tapi Akhirna Bima Malik Bogoh - Yogaswara Sunandar S.
▶︎

[PIKASEURIEUN] Awalna Arimbi Disiksa Ku Bima Tapi Akhirna Bima Malik Bogoh - Yogaswara Sunandar S.

FULL RAME PISAN ‼️ WAYANG GOLEK BIMA RABI | Alm Asep Sunandar Sunarya
▶︎

FULL RAME PISAN ‼️ WAYANG GOLEK BIMA RABI | Alm Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH3 Astrajingga Kembar (Video Live GSL, Depok, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Astrajingga Kembar (Video Live GSL, Depok, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya