Saembara Dewi Setyaboma (Cimalaka, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya
Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan ki dalang H. Asep Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman video panggung waktu ngagejrak di Desa Cicelot Kec. Cimalaka Sumedang, Jawa Barat dinten Saptu 8 Juli 2012. Pagelaran ieu dina raraga tasyakur bini’mah nikahna Geugeu Indriyani sareng Tatang Kurnia. Nu janten sohibul hajat nyaéta Bapa H. Encep Heryanto sareng Ibu Hj. Tuti Hartati. Nu jadi sindén dina ieu pagelaran nyaéta Nunung Nurmalasari, Masyuning, sareng Dedeh Setyawati. Juru kendangna Mang Barlin, Wiraswarana Mang A. Dedi Rosida, juru tempasna Mang Asep Ana. Lalakon ieu saleresna parantos diaplod dina channel Akoer Lah nu ngawitan. Tapi bilih channel nu itu di”takedown” ku Yutub, narungtutan dina channel énggal ieu diaplodan deui. Mugia dimaklum. ========================== Sinopsis awal carita : Sinigeug di karaton nagara Lésanpura, Prabu Sétyajid keur ngayakeun sinéwaka jeung Patih Setyadarma katut putra mahkota nyaéta Rd. Setyaki, adina Déwi Setiaboma. Prabu Setyajid keur ngorana katelah Ugraséna. Ngadeg jadi Raja Lésanpura neruskeun mitohana Prabu Wresaya. Setiajid atawa Ugraséna téh adina Basudéwa, bapana Narayana (Kresna), Kakrasana (Baladéwa), jeung Déwi Kunti. Masalah nu disawalakeun ku Prabu Setyajid nyaéta rencana rék ngayakeun sayémbara adu jajatén pikeun meunangkeun putrina Déwi Setyaboma. Mun patandang bisa ngéléhkeun jago sayémbara nyaéta Rd. Setyaki bakal dijadikeun salakina Déwi Setyaboma. Disayémbarakeun téh pédah loba teuing nu ngalamar. Jago sayémbarana téh Rd. Setiyaki adina Setyaboma. Padahal antara Setyaboma jeung Narayana téh keur papacangan. Loba para raja atawa putra raja di sababaraha karajaan miluan sayémbara. Tapi kabéh patandang teu bisa ngéléhkeun Rd. Setyaki. Di pihak séjén, aya denawa ti karajaan Jenggalamanik nyaéta Yuda Kalasakti nu diutus ku rajana Yuda Kalakresna. Maksudna rék ngalamar Setyaboma, tapi teu apaleun Setyaboma téh keur disayémbarakeun. Yuda Kalasakti nyamur jadi Narayana nu kadituna mawa kabur Setyaboma. Setyaboma daék dibawa kabur téh da nganggap nu mawa kabur manéhna kabogohna sorangan. Narayana nu asli jadi katempuhan, dituduh Setiyaki ngiwat lanceukna. Narayana dianggap ngawiwirang karajaan nu keur ngayakeun sayembara. Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe, share, like, koméntar sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan anu énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa H. Asep Sunandar Sunarya kalih para nayaga GH3 nu tos ngarantunkeun, mugia para almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.

Lodradenta (TPI, 2005) - H. Asep Sunandar Sunarya

GIRI HARJA 3 - PANDU RARABI

cepot jeung si bolot_wayang golek bolot full

Ruatan Batara Kala (Video & Audio Live) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Bima Ngagugat Astina (TPI, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya

SIBUDEG JEUNG URANG BATAK

Prabu Anom Jalasuta - (Buahdua, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Raden Narayana Tiwikrama Full Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya #semar #cepot #saembarasetyaboma

CARITA BAYU SUTA PAWANA || AJARAN HIRUP TI SEMAR || WAYANG GOLEK Alm Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH3 Asep Sunandar S. (Audio Panggung, 1999) - Astrajingga Ngagugat Jonggring Salaka

Wayang Golek GH3 Bancang Pakéwuh di Amarta (Audio Panggung, 2009) - H. Asep Sunandar Sunarya

LIVE STREAMING ASEP SUNANDAR SUNARYA SUBANG 2014

GATOT KACA DI FITNAH KURAWA JADI PASEA GEDE
![[PIKASEURIEUN] Awalna Arimbi Disiksa Ku Bima Tapi Akhirna Bima Malik Bogoh - Yogaswara Sunandar S.](https://i.ytimg.com/vi/t0nig4tnyCw/hqdefault.jpg?sqp=-oaymwEjCNACELwBSFryq4qpAxUIARUAAAAAGAElAADIQj0AgKJDeAE=&rs=AOn4CLDxhj3EUTnjysapkvoxCTNszQ8I4Q)
[PIKASEURIEUN] Awalna Arimbi Disiksa Ku Bima Tapi Akhirna Bima Malik Bogoh - Yogaswara Sunandar S.

Carita/Lalakon Gatot Kaca Mangkat Birahi full audio mp3

Wayang golek Asep Sunandar Sunarya Bima Rarabi full lalakon @AZchannel03

Kidung Naek Lagu Kembang Gadung // Juru Kawih Putra Giriharja3 // H. Dadan Sunandar Sunarya

Bambang Sukma Dewa Kusuma _ Wayang Golek Giri Harja 3 Dalang H.Asep Sunandar S.

Wayang Golek GH3 Paksi Jaladara (Remake Audio Jernih) - H. Asep Sunandar Sunarya

