Eka Panca Tunggal (Audio Panggung Sukabumi, 1997) - Asep Sunandar Sunarya
Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio panggung waktu ngagejrak di Nagrak, Sukabumi, tanggal 7 Juni 1997. Punten pisan teu gaduh videona. =========================== SINOPSIS AWAL CARITA : Dina pagelaran ieu ki dalang nyandak carios Eka Panca Tunggal. Dupi sinopsis awal carios nyaeta : Sinigeug, di alas Saptarengga padépokan pariwana, Bagawan Abiyasa kasumpingan putuna nyaéta panengah Pandawa, Arjuna, dibarengan ku Lurah Semar Kudapawana katut anak-anakna, Astrajingga jeung Dawala. Maksud Arjuna nepangan éyangna téh rék ngalaporkeun yén kitab gaduhna Bagawan Abiyasa nyaéta Jendra Sastra Rahayu Ningrat aya nu maling. Arjuna nyungkeun pitunjuk mamanawian éyangna uninga saha nu malingna. Bagawan Abiyasa méré saran yén pikeun néangan kitab téh kudu "indit bari cicing, lumampah ulah ngaléngkah". Hartina kudu mujasmédi, menekung ka Nu Maha Agung, mujabrata ka Nu Maha Sukma. Sabab nu maling kitab téh lain jalma samanéa. Mujasmédina dibarengan ku Semar. Dina hal ieu, Semar ngawujud jadi sinatria jujuluk Éka Panca Tunggal. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Mudah-mudahan pintonan wayang golék ieu janten pieunteungeun ka urang sadayana, teu sakadar hiburan tapi malah mandar tongtonan jadi tungtunan, gogonjakan ulah jadi éjékan anggursi jadi ajakan demi kokohna persatuan jeung kesatuan bangsa. Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe, share, like, koméntar sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan anu énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa H. Asep Sunandar Sunarya kalih para nayaga GH3 nu tos ngarantunkeun, mugia para almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.

Bima Ngagugat Astina (TPI, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH3 Prabu Suyudana Gugur (Audio Panggung, 2008) - H. Asep Sunandar Sunarya

MUROTTAL ALQURAN MERDU PENGANTAR TIDUR,Ayat suci al quran pengantar tidur | Ngaji Merdu

Gatotkaca Jadi Sanghiang (Audio Panggung, 1999) - Asep Sunandar Sunarya

Nike Ardilla Full Album | Greatest Hits Lagu Kenangan Indonesia Terbaik Sepanjang Masa

NGAJI TASAWUF 🔴 TUNGGAL NGAHIJI‼️ ILMU KETUNGGALAN… CEPOT BONGKAR BAB NU JARANG DIBAHAS

kepala biara adopsi anak yatim jadi murid, bertahun kemudian ia jadi biksu pejuang

MERINDING‼️ RISA SARASWATI KORBAN KIRIMAN DUKUN SANTET⁉️ | MEJA MONGOL

MAHABHARATA: Kisah Lengkap 5 jam - Tragedi Perang Saudara Terbesar Umat Manusia

SOHIBUL HIKAYAT 🔴Kisah Si Udin jeung Si Kendil | Dongeng Sunda Baheula

Wayang Golek GH2 Bangbang Kilat Buana (Audio Panggung, 1995) - Ade Kosasih Sunarya

🔴BUNGSU GIRIHARJA 3 - LANA SUNANDAR S || LAKON: KARNA TANDING || CILANGKARA-BEKASI || RABU,20/08/25

Full Album Nike Ardilla Terbaik - Lagu Hits Indonesia Tahun 90an

Kerajaan Surga

இயற்கைக்கு திரும்பும் பாதை | 2010 | Full Speech | நம்மாழ்வார் உரைகள் | Nammalvar Speech

MISI PENYAMARAN PANDAWA 🔥 SEMAR NGAJAK NGAJI DIRI | SICEPOT MODE SERIUS | Wayang Asep Sunandar S

Alpha Waves Heal Damage In The Body, Brain Massage While You Sleep, Improve Your Memory

Adipati Karna Perlaya (TPI,2007) - H. Asep Sunandar Sunarya

Wayang golek !! Kolaborasi JANDA (Jawa Dan Sunda) Lakon: JAKA TINGKIR // Ki Haryo Enthus Susmono

