Jaya Perbangsa Karna Gugur (Pangalengan, 2010) - Yogaswara & H. Asep Sunandar Sunarya

Pagelaran wayang golék Giriharja 3 pingpinan Ki Dalang H. Asep Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun pagelaran live di Lapangan Pasirmulya Desa Margamulya Kec. Pangelengan Kab. Bandung, 2010. Dina pagelaran ieu dibagi dua babak. Nu kahiji nyandak lalakon Jaya Perbangsa atanapi Gatotkaca Gugur. Dalangna ki dalang anom Yogaswara Sunandar Sunarya. Babak kadua nyandak lalakon Karna Tanding atawa Karna Gugur, dalangna nyaéta H. Asép Sunandar Sunarya. Mung hapunten ngamérana pengkereun dalang. ================================= Sinopsis Sanajan tos apal yén Gatotkaca bakal gugur di Tegal Kurusétra, rupina lalakon ieu kanggo sim kuring mah lalakon nu pangsedihna. Teu sasedih waktu Abimanyu gugur. Dina carios mimiti ki dalang anom Yogaswara nyaritakeun kondisi di Tegal Kurusétra, tempatna peperangan antara Pandawa jeung Kurawa nu disebut Baratayuda. Batara Kresna rerencepan mawa Gatotkaca ka tempat anu suni. Intina Batara Kresna méré piwejang ka Gatotkaca nu bakal jadi senopati agung atawa panglima perang. Batara Kresna geus apaleun yén Gatotkaca bakal perlaya di médan perang ngalawan Adipati Karna nu boga senjata Konta. Dina babak kadua, lalakon Karna Tanding atawa Karna Gugur. Lalakon ieu ngagambarkeun perang pangsengitna dina Baratayuda. Adu kasaktian antara Adipati Karna ti pihak Kurawa ngalawan Adipati Arjuna di pihak Pandawa. Dua dulur saindung béda bapa. Saméméh lumangsung perang, Déwi Kunti nepungan anakna Adipati Karna di sisi walungan Yamuna nu keur ngalamun mikiran nasib dirina. Déwi Kunti miharep Karna ngabatalkeun niatna jadi panglima perang nu bakal ngalawan adina nyaéta Arjuna. Paménta indungna teu ditedunan kusabab salaku sinatria teu bisa kitu waé ngabatalkeun paniatan nu geus diumumkeun. Salian ti éta, manéhna ngarasa kahutangan budi ka urang Kurawa nu geus ngangkat harkat martabat nu asalna kusir kuda jadi bangsa sinatria. Malah mah Karna nganaha-naha ka Déwi Kunti kunaon baheula manéhna dipalidkeun ka walungan waktu gubrag ka alam dunya. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka réngsé. Mudah-mudahan pintonan wayang golék ieu janten pieunteungeun ka urang sadayana, teu sakadar hiburan tapi malah mandar tongtonan jadi tungtunan, gogonjakan ulah jadi éjékan anggursi jadi ajakan demi kokohna persatuan jeung kesatuan bangsa. Teu hilap ka nu teu acan subscribe channel pribados nu énggal ieu mangga subscribe sareng pencét loncéngna supados uninga pami aya aplodan énggal. Salajengna urang sadayana kintun du’a ka almarhum Pa H. Asep Sunandar Sunarya sareng para nayaga Giriharja 3 nu parantos ngarantukeun, mugia sadaya almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosa-dosana, dicaangkeun di alam kuburna, dipaparinan tempat anu mulya mungguhing Allah Swt,. Aamiin Ya Robbal Alamin. Wassalamualaikum Wr. Wb.

Pink Floyd Grand Collection #Blues #Rock #DavidGilmour #David Gilmour
▶︎

Pink Floyd Grand Collection #Blues #Rock #DavidGilmour #David Gilmour

FLOWING FOREST RIVER SOUNDS WITH SOFT BIRD CHIRPING | PEACEFUL NATURE FOR SLEEPING & RELAXATION
▶︎

FLOWING FOREST RIVER SOUNDS WITH SOFT BIRD CHIRPING | PEACEFUL NATURE FOR SLEEPING & RELAXATION

Adipati Karna Perlaya (TPI,2007) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Adipati Karna Perlaya (TPI,2007) - H. Asep Sunandar Sunarya

Batara Wisnu Jadi Resi (Subang, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3
▶︎

Batara Wisnu Jadi Resi (Subang, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

LIVE WAYANG GOLEK MODERN GENTRA PUSAKA WANGI | WEDDING SUCI & DEDE | DS. BANGUNJAYA 07.JUNI.2026
▶︎

LIVE WAYANG GOLEK MODERN GENTRA PUSAKA WANGI | WEDDING SUCI & DEDE | DS. BANGUNJAYA 07.JUNI.2026

Kisah Pilu Ki Ageng Mangir | Dijebak Cinta Putri Mataram? | Sejarah Nusantara
▶︎

Kisah Pilu Ki Ageng Mangir | Dijebak Cinta Putri Mataram? | Sejarah Nusantara

Wayang Golek GH3 Taman Maria Kaca (Audio Panggung, 2007) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Taman Maria Kaca (Audio Panggung, 2007) - H. Asep Sunandar Sunarya

Carita/Lalakon Gatot Kaca Mangkat Birahi full audio mp3
▶︎

Carita/Lalakon Gatot Kaca Mangkat Birahi full audio mp3

Partomarmo Perlaya (Sempalan Tutas Baratayuda) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3
▶︎

Partomarmo Perlaya (Sempalan Tutas Baratayuda) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

LIVE STREAMING  ASEP SUNANDAR SUNARYA SUBANG 2014
▶︎

LIVE STREAMING ASEP SUNANDAR SUNARYA SUBANG 2014

Bima Ngagugat Astina (TPI, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Bima Ngagugat Astina (TPI, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya

Srikandi Jadi Sinatria - H. Asep Sunandar Sunarya GH3
▶︎

Srikandi Jadi Sinatria - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Seta Tanding Bisma (Ringkasan Baratayuda) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3
▶︎

Seta Tanding Bisma (Ringkasan Baratayuda) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Sanghyang Jagat Netra Vs Sanghyang Dewa Nurcahya (TPI, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Sanghyang Jagat Netra Vs Sanghyang Dewa Nurcahya (TPI, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH3 Paksi Jaladara (Remake Audio Jernih) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Paksi Jaladara (Remake Audio Jernih) - H. Asep Sunandar Sunarya

GIRI HARJA 3 PUTRA DALANG KI YOGASWARA SUNANDAR SUNARYA || LAKON KARNA TANDING
▶︎

GIRI HARJA 3 PUTRA DALANG KI YOGASWARA SUNANDAR SUNARYA || LAKON KARNA TANDING

Lodradenta (TPI, 2005) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Lodradenta (TPI, 2005) - H. Asep Sunandar Sunarya

CARITA BAYU SUTA PAWANA || AJARAN HIRUP TI SEMAR || WAYANG GOLEK Alm Asep Sunandar Sunarya
▶︎

CARITA BAYU SUTA PAWANA || AJARAN HIRUP TI SEMAR || WAYANG GOLEK Alm Asep Sunandar Sunarya

🔴LIVE LAKON : JAYA PERBANGSA || GIRIHARJA 3 PUTRA - YOGASWARA SUNANDAR | 08/03/24 #gh3p
▶︎

🔴LIVE LAKON : JAYA PERBANGSA || GIRIHARJA 3 PUTRA - YOGASWARA SUNANDAR | 08/03/24 #gh3p

Pagelaran Lawas Asep Sunandar Sunarya (Reupload) - Semar Sukma Sajati
▶︎

Pagelaran Lawas Asep Sunandar Sunarya (Reupload) - Semar Sukma Sajati