Pupuh Kinanti - Budak Leutik Bisa Ngapung (Video + Lirik)

Budak leutik bisa ngapung Babaku ngapungna peuting Ngalayang kakalayangan Neangan nu amis-amis Sarupaning bungbuahan Naon baé nu kapanggih Ari beurang ngagarantung Eunteup dina tangkal kai Disada kokoréakan Cing hempék ku hidep pikir Nu kitu naon ngaranna Lolong lamun teu kapanggih Budak leutik anu bisa ngapung babakuna, babaku ngapungna peuting nguriling kakalayangan néangan mah, néangan nu amis-amis Ari beurang, beurang ngagarantung Eunteup dina, eunteup dina tangkal kai Disada kokoréakan Cing hempék mah, cing hempék ku hidep pikir