Dongeng Sunda " Si Codet Jawara Pinunjul " Bag 99 ( Jagat Samar )

Dongéng Sunda "Si Codet Jawara Pinunjul" mangrupakeun karya fiksi karangan Kang Hardian. Ieu carita ngaguar dunya kajawaraan Sunda kalayan museur kana téma kaadilan, kakuatan batin, sarta kawaspadaan hirup. Sempalan dongéng ieu nyaritakeun puncak tarung kakuatan jeung batin anu kaalaman ku Saca, nalika manéhna kudu nyanghareupan tokoh silat legendaris, Nini Laras Inten, di jero guha wingit. Sanajan Laras Inten ngaluarkeun sakabéh élmu tingkat luhurna, Saca tetep ajeg sarta mampuh ngamalirkeun éta tanaga tanpa ngaruksak/ nyidraan dirina. Sifat Saca anu tenang, wijaksana, tur teu sawenang-wenang, ngajadikeun Laras Inten taluk lain ku karuksakan raga, tapi ku kaélingan batin. tapi , tutas tarung réngse, Saca dadaksakala katarik asup ka alam samar , alatan panyambat élmu luhur tina getih turunanana, Eyang Pratisantana. Di alam samar , Saca kudu ngaliwatan ujian pamungkas pikeun muka panto Astamaya: tarung ngalawan kalangkang dirina sorangan. Éta kalangkang mangrupakeun personifikasi tina amarah, napsu, kuciwa nungancik dina diri saca, jeung angkeuhan teuas anu salila ieu dipendem ku Saca. Tarung ieu lain sakadar adu jago, tapi tarung pikeun nyampurnakeun jatining diri. Kacapi suling : Catrik 2 Wilet, ( ngki Bodin )