Wayang Golek GH3 Kangsa Adu Jago (Audio Panggung, 2006) - H. Asep Sunandar Sunarya

Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Wayang golék Giriharja 3 pingpinan dalang H. Asép Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio pagelaran di Cigasong Majalengka tanggal 23 Mei 2006. Dina raraga sukuran khitanan Bp. Agus Setiawan manten pamaén Persib. Mung gaduh audiona, teu gaduh videona. ===================== Rupina lakon Kangsa Adu Jago ti dalang Asép Sunandar Sunarya ieu nembé aya di Yutub sanaos dina format audio. Nu aya téh ti putrana Yogaswara Sunandar Sunarya, rakana H. Adé Kosasih Sunarya, Oza Kosasih Sunarya, Dédén Kosasih Sunarya. Awal carita, Begawan Abiyasa kadatangan incuna Bima jeung Arjuna katut para pawongan Semar Badranaya, Astrajingga, Dawala. Maksudna nyungkeun réstu ti éyangna rek miluan sayémbara di Karajaan Mandura nu diayakeun ku Prabu Kangsa. Eusi sayémbarana mun bisa ngéléhkeun Patih Sélatimonra bakal dibéré hadiah satengah Karajaan Mandura. Lain ti pihak Pandawa waé nu rek miluan sayémbara tapi ti pihak Kurawa gé mariluan. Jaman harita antara Pandawa jeung Kurawa masih cicing di Astina. Keur masih rumaja kénéh. Tapi Begawan Abiyasa nu tos legok tapak genténg kadék dina pangalaman salaku manten raja Astina teu percaya kitu waé kana sayémbara nu diayakeun ku Raja Kangsa. Kudu aya alesan dibalik diayakeunana sayémbara. Kukituna Begawan Abiyasa nyarankeun Bima jeung Arjuna supaya nepungan kapilanceukna nyaéta Narayana jeung Kakasrana. Kangsa téh anak angkatna Basudéwa raja Mandura. Keur baheulana, bojona Basudéwa nyaéta Déwi Maérah katipu ku Gorawangsa, raja kajinan ti Batamérah. Gorawangsa nu kaleleban ku Déwi Maérah mindarupa ngawujud Basudéwa waktu Basudéwa keur moro ka leuweung. Tina hasil sapatemon Gorawangsa jeung Déwi Maérah, lahir Kangsa. Dina carita saterusna Kangsa diaku anak ku Basudéwa. Tapi geus gedéna, Kangsa jadi raja Mandura. Basudéwa sorangan ingkah ti Mandura, nyepi di patapaan. Raja Kangsa téng ngimpi kadatangan bapana, Gorawangsa, cenah kakawasaan Kangsa bakal direbut ku budak bulé jeung budak hideung. Matakna ngayakeun sayémbara keur mancing datangna budak bulé jeung budak hideung téa. Sihoréng nu disebut budak bulé jeung budak hideung teh Kakasrana jeung Narayana putrana Basudéwa ti bojona nu kadua jeung katilu. Kakasrana engkéna katelah Basudéwa. Sedengkeun Narayana katelah Kresna. Harita mah can pernah panggih jeung dulur kapiadina nyaéta Bima jeung Arjuna. Déwi Kuntinalibrata nu jadi indungna Yudistira, Bima, Arjuna téh adina Basudéwa. Carios lengkepna mah mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!

Wayang Golek GH3 Batara Dewa Aji (Audio Panggung, 2003) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Batara Dewa Aji (Audio Panggung, 2003) - H. Asep Sunandar Sunarya

DZIKIR PAGI SESUAI SUNNAH RASUL | ZIKIR PEMBUKA PINTU REZEKI | Dzikir Mustajab Pagi
▶︎

DZIKIR PAGI SESUAI SUNNAH RASUL | ZIKIR PEMBUKA PINTU REZEKI | Dzikir Mustajab Pagi

WAYANG KULIT DALANG KI PANGGUNG BAYU AJI - LAKON GATOTKACA NAGIH JANJI KAHYANGAN
▶︎

WAYANG KULIT DALANG KI PANGGUNG BAYU AJI - LAKON GATOTKACA NAGIH JANJI KAHYANGAN

SANGHYANG TALAGA PANCURAN WAYANG GOLEK FULL ASEP SUNANDAR SUNARYA GIRI HARJA3 @CerminKearifanLokal
▶︎

SANGHYANG TALAGA PANCURAN WAYANG GOLEK FULL ASEP SUNANDAR SUNARYA GIRI HARJA3 @CerminKearifanLokal

KANG IBING SIARAN : WANCI JEUNG NU LIANNA
▶︎

KANG IBING SIARAN : WANCI JEUNG NU LIANNA

wayang cepot buto ijo_wayang cepot buto ijo lucu ngakak
▶︎

wayang cepot buto ijo_wayang cepot buto ijo lucu ngakak

MONGOL BERI CLUE PERGERAKAN SATANIC DI INDONESIA, PORTAL ITU MAKIN TERBUKA! - MENJELMA EPS .14
▶︎

MONGOL BERI CLUE PERGERAKAN SATANIC DI INDONESIA, PORTAL ITU MAKIN TERBUKA! - MENJELMA EPS .14

Wayang Golek GH3 Resi Ganda Suta (Audio Panggung, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Resi Ganda Suta (Audio Panggung, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya

Prabu Anom Jalasuta - (Buahdua, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3
▶︎

Prabu Anom Jalasuta - (Buahdua, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

NABI ISA A.S. AKAN TURUN DI DAMSYIK! Mengapa Bukan di Palestin? 🔴 Ustaz Auni Mohamed
▶︎

NABI ISA A.S. AKAN TURUN DI DAMSYIK! Mengapa Bukan di Palestin? 🔴 Ustaz Auni Mohamed

Wayang Cepak Panca Komara Pajajajaran Mukswa (Audio Kaset) - Rd. Tjetjep Supriadi
▶︎

Wayang Cepak Panca Komara Pajajajaran Mukswa (Audio Kaset) - Rd. Tjetjep Supriadi

NGAJI KI BALAP | HIKAYAT LENGKAP TENTANG KI AHMAD (FULL)
▶︎

NGAJI KI BALAP | HIKAYAT LENGKAP TENTANG KI AHMAD (FULL)

Wayang Golek GH3 Sanghyang Wirayudha (Audio Panggung, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Sanghyang Wirayudha (Audio Panggung, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya

WAYANG GOLEK ‼️ Lakon Astra Jinga dalang K.H Alm Asep Sunandar Sunarya | Eps. 007
▶︎

WAYANG GOLEK ‼️ Lakon Astra Jinga dalang K.H Alm Asep Sunandar Sunarya | Eps. 007

DZIKIR PAGI SESUAI SUNNAH RASUL | ZIKIR PEMBUKA PINTU REZEKI | Dzikir Mustajab Pagi
▶︎

DZIKIR PAGI SESUAI SUNNAH RASUL | ZIKIR PEMBUKA PINTU REZEKI | Dzikir Mustajab Pagi

GSL Budak Buncir (TMII, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

GSL Budak Buncir (TMII, 2012) - H. Asep Sunandar Sunarya

POP SUNDA PALING ENAK BUAT SANTAI • MERDU BIKIN MERINDING • LAGU SUNDA TERBAIK 2026
▶︎

POP SUNDA PALING ENAK BUAT SANTAI • MERDU BIKIN MERINDING • LAGU SUNDA TERBAIK 2026

Smooth Jazz Dreams | Soft Female Vocals, Deep Sleep & Peaceful Night Music
▶︎

Smooth Jazz Dreams | Soft Female Vocals, Deep Sleep & Peaceful Night Music

GATOT KACA AYA NU DEK NGALAMAR!!SICEPOT JEUNG DEDI MULYADI  RAME PISAN \\[DADAN SUNANDAR SUNARYA]
▶︎

GATOT KACA AYA NU DEK NGALAMAR!!SICEPOT JEUNG DEDI MULYADI RAME PISAN \\[DADAN SUNANDAR SUNARYA]

Wayang Golek GH3 Kresna Kembar (Audio Panggung, 2006) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Kresna Kembar (Audio Panggung, 2006) - H. Asep Sunandar Sunarya