HALANGAN DIRI DARSO - PIPIT SAFITRI (COVER)

lagu halangan diri Cipt. H. DOSE HUDAYA, SE. SH. MH. ini lagu yg dalam sekali di populerkan oleh alm hj darso dio cover oleh : Vokal : Pipit Safitri Key : Wisnu Fz Drum section : Adoy dian Suling : Ridwan Lirik : Na kunaon sagala rupa Ngan aral, gagal jeung gagal? Soal cinta jeung usaha Kandas pamaksadan Kamudahan bet ngabalieur Kalapangan naronggongan Paruntungan lumpat ngajauhan Naha, naha, kunaon? Boa-boa halangan diri Nu mangrupi dosa-dosa Kajongjonan, kangeunahan Ngumbar-ngumbar larangan Boa-boa halangan diri Nu mangrupi dosa-dosa Nu ngajajar mani panjang Sapanjang jalan karéta Aduh Gusti, aduh Gusti Kumaha ngénténgkeunnana? Aduh Gusti, aduh Gusti Kumaha ngabébaskeunna? Panon cireumbay mapay-mapay pipi Ragragan kana sajadah Nginget-nginget laku lampah Ninggang salah jeung salah Haté anu meurih, haté nu ngajerit Kabeulit ku dosa-dosa Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa Ampun, ampun, duh, Gusti Boa-boa halangan diri Nu mangrupi dosa-dosa Kajongjonan, kangeunahan Ngumbar-ngumbar larangan Boa-boa halangan diri Nu mangrupi dosa-dosa Nu ngajajar mani panjang Sapanjang jalan karéta Aduh Gusti, aduh Gusti Kumaha ngénténgkeunnana? Aduh Gusti, aduh Gusti Kumaha ngabébaskeunna? #Halangandiri #halngandiridosehudaya #halangandiricover #sundareligi