Wayang Golek Prabu Niskala Dewa (Video Live, 2015) - Umar Darusman Sunandar

Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Umar Darusman Sunandar salah sahiji dalang anom ti paguron/padépokan Giriharja 3 pingpinan dalang H. Asép Sunandar Sunarya. Disebutna Pujaran Giriharja 3. Dalang Umar katelah ogé ku landian Ki Riswa. Dalang nu gaduh bakat unik dina ngadalang. Mimiti dipikawanoh saprak mawakeun program acara “Pojok Si Cépot” di salah sahiji stasiun televisi lokal Bandung. Dalang Ki Riswa boga ciri nu mandiri hususnya dina bobodoran. Mung hanjakal pisan, karir ngadalangna sirna sabada kaserang kasakit gagal ginjal. Dalang anom ieu ngantunkeun di RS Muhammadiyah, Juma’ah tanggal 8 Juni 2018 tabuh 02.03 WIB dina yuswa 38 taun. Mugia husnul khotimah. Aamiin. Pagelaran ieu digelar di buruan Stasiun TVRI Jawa Barat dina raraga mapag taun 2015. Mung hapunten di bagéan katilu aya adegan nu kapotong, nyaéta waktu Prabu Niskala Déwa nitah patihna Niskala Sakti pikeun ngiwat/nyulik bojona Dipati Arjuna nyaéta Déwi Subadra jeung Srikandi. ======================= SINOPSIS PRABU NISKALA DEWA Sinigeug, di Padépokan Talkanda, Resi Bisma kadatangan panengah Pandawa, Dipati Arjuna katut para pawongan, Semar Badranaya, Cépot, Dawala. Dipati Arjuna ngahaja ngadeuheus Resi Bisma nyungkeun pitulungna sugan bisa nuduhkeun dimana ayana Layang Jamus Kalimusada nu ngadadak leungit ti karaton Amarta. Sabada dipeleng, Resi Bisma nuduhkeun yén pusaka Layang Jamus Kalimusada aya di Karajaan Banjar Segara nu dirajaan ku Prabu Niskala Déwa. Di Karajaan Banjar Segara, Prabu Niskala Déwa keur gandrung liwung, kagendam asmara ku Déwi Subadra jeung Srikandi, bojona Dipati Arjuna. Saterusna nitah patihna Niskala Sakti supaya ngiwat Déwi Subadra jeung Srikandi. Di satengahing jalan rombongan Patih Niskala Sakti paamprok jeung Dipati Arjuna. Dina ijén patutunggalan, Dipati Arjuna katiup angin ciptaan Patih Niskala Sakti. Dina adegan saterusna, Semar Badranaya ngemat kasaktianana ngarobah wujud Cépot jeung Dawala jadi Déwi Subadra jeung Srikandi. Maksudna nyamur keur nipu Prabu Niskala Déwa. Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé.

Wayang Golek GH3 Batara Dewa Aji (Audio Panggung, 2003) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Batara Dewa Aji (Audio Panggung, 2003) - H. Asep Sunandar Sunarya

Live Wayang Golek Pujaran Giriharja 3 Dalang Umar D Sunandar (Alm.) Carita Layang Jamus Kalimusada
▶︎

Live Wayang Golek Pujaran Giriharja 3 Dalang Umar D Sunandar (Alm.) Carita Layang Jamus Kalimusada

(No Ads) 99% Fall Asleep In 3 Minutes • Melatonin Release, Increase Deep Sleep • Goodbye Insomnia
▶︎

(No Ads) 99% Fall Asleep In 3 Minutes • Melatonin Release, Increase Deep Sleep • Goodbye Insomnia

BAGONG KEWANEN TENAN NGAPUSI BOLODEWO?!...
▶︎

BAGONG KEWANEN TENAN NGAPUSI BOLODEWO?!...

Wayang Goleh GH3 Arjuna Jatukrami (Video Live, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Goleh GH3 Arjuna Jatukrami (Video Live, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya

GATOT KACA NEANGAN CAI KASUCIAN//SICEPOT KAWALAT KA KOLOT[DALANG DADAN SUNANDAR SUNARYA]
▶︎

GATOT KACA NEANGAN CAI KASUCIAN//SICEPOT KAWALAT KA KOLOT[DALANG DADAN SUNANDAR SUNARYA]

Wayang Golek GH3 Arimbi Gugat (Video Live, 2010) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Arimbi Gugat (Video Live, 2010) - H. Asep Sunandar Sunarya

PUJARAN GIRI HARJA 3 KI DALANG RISWA (UMAR DARUSMAN SUNANDAR)
▶︎

PUJARAN GIRI HARJA 3 KI DALANG RISWA (UMAR DARUSMAN SUNANDAR)

ilmu jembar,dalang ra oleh ita itu.wayang kulit ki seno nugroho.pitutur sae
▶︎

ilmu jembar,dalang ra oleh ita itu.wayang kulit ki seno nugroho.pitutur sae

Nostalgia!!!  Cepot Buta Galap Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Nostalgia!!! Cepot Buta Galap Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH3 Sanghyang Tunggal Nurputra (Audio Panggung, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Sanghyang Tunggal Nurputra (Audio Panggung, 2004) - H. Asep Sunandar Sunarya

wayang golek giri harja 3 perabu wiramanik full asep sunandar sunarya@urangsunda4661
▶︎

wayang golek giri harja 3 perabu wiramanik full asep sunandar sunarya@urangsunda4661

Wayang Golek GH3 Sanghyang Wirayudha (Audio Panggung, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Sanghyang Wirayudha (Audio Panggung, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya

[PIKASEURIEUN] Awalna Arimbi Disiksa Ku Bima Tapi Akhirna Bima Malik Bogoh - Yogaswara Sunandar S.
▶︎

[PIKASEURIEUN] Awalna Arimbi Disiksa Ku Bima Tapi Akhirna Bima Malik Bogoh - Yogaswara Sunandar S.

Bagong nyeluk Dalange lucu banget.wayang kulit ki seno nugroho
▶︎

Bagong nyeluk Dalange lucu banget.wayang kulit ki seno nugroho

WAYANG GOLEK//DALANG ASEP SUNANDAR SUNARYA//BAMBANG YUDA ANGKASA//FULL AUDIO//GIRIHARJA3
▶︎

WAYANG GOLEK//DALANG ASEP SUNANDAR SUNARYA//BAMBANG YUDA ANGKASA//FULL AUDIO//GIRIHARJA3

GUAR RUAT MURWA KALA
▶︎

GUAR RUAT MURWA KALA

Wayang Golek GH3 Paksi Jaladara (Remake Audio Jernih) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Paksi Jaladara (Remake Audio Jernih) - H. Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH3 Sutijah Pejah (Video Live) - H. Asep Sunandar Sunarya
▶︎

Wayang Golek GH3 Sutijah Pejah (Video Live) - H. Asep Sunandar Sunarya

LANJUTAN  WAYANG GOLEK BAJORAN,,,PUJARAN GIRI HARJA 3,  DI JAMIN NGAKAKKK,,
▶︎

LANJUTAN WAYANG GOLEK BAJORAN,,,PUJARAN GIRI HARJA 3, DI JAMIN NGAKAKKK,,