KAWIH SUNDA MAESTRO SENI SUNDA ✨ ALM .KANG IBING ✨BENTANG DILANGIT KAMELANG
LAGU SUNDA Kang Ibing Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang Biar ga serius terus, ayo sekali-kali kita hiburan, dengerin lagu sunda kang ibing, sambil melestarikan lagu-lagu sunda dan mengenang sang Legend - Kang Ibing. Tutorial media pembelajaran nya istirahat dulu Santai dulu Lainnya Lagu Lawas Kang Ibing Nunggu orok : • Lagu sunda Kang Ibing ... Django : • Lagu sunda Kang Ibing ... Abdi Alim yNorangan : • Lagu sunda Kang Ibing ... Calana : • Lagu sunda Kang Ibing ... Kunjungi juga: https://blog.jejakmedi... https://kb.jejakmedia.... https://amelmira.com Tim Produksi Bentang Ngiceupan di Langit Kamelang Penanggung Jawab : Pengurus Daya Mahasiswa Sunda Kota Bandung Pimpinan Produksi : Kang Heri Wijaya, S.Ip Naskah dan Narator : Kang Ibing Kusumayatna Penata Musik : Kang Riskonda S.Kar Juru Kawih (Penyanyi) : Ceu Neneng Dinar, Kang Herry Suheryanto, Ceu Neneng Fitri, Ceu Rika Rafika Juru Pirig (Pemusik) : Kang Gangan Garmana, Kang Yeyep, Kang Maman, Kang Julia Produser : Ceu Atik Sartika Arifin Yoesoef, SH., Kang Bambang Tanoeatmadja, Kang Heri Wijaya Lagu : (J) Eulis mun akang datang ka DAMAS Haté liuh mapay tapak gandrung Carita anu geus lawas Teu daék laas, duh (M) Engkang mun datang mangsa Mimitran Haté peurih mapay tapak asih Carita urang duaan Angger némbongan, duh (J) Si horéng duriat Angger natrat ngagurat Duh asih nu wening Dengdeng nganteng anteng (M) Si horéng kanyaah Angger nganteng teu pisah Duh asih nu urang Langgeng pageuh deudeuh Lagu : Haturan-haturan Hatur-haturan wilujeng sumping] 2x Sumping damping di DAMAS Sasarengan gogonjakan] 2x} 2x (M) Tepang raray nu munggaran Imut nungtun liwung gandrung Wening asih ngahariring Ingkeun teundeun sampeur tineung (J) Basa tepang nu munggaran Urang guntreng sakedapan Aya galindeng nu nganteng Haréwos jeroning batin (M) Hé angin peuting nu tingtrim Anu ngarti bari surti Tepikeun getering batin Éndahna puisi ati (J) Apan tepang téh munggaran Biheung urang tepung deui Dareuda galindeng rasa Ingkeun teundeun sampeur tineung (M) Na kasaha kudu balaka Nembrakkeun tungkusan kalbu Na kumaha kudu nyarita Nyampaykeun rasa katresna (J) Na kasaha kudu balaka Nyangreudkeun tatali asih Na kumaha kudu nyarita Maheutkeun rasa katresna (M) Sakapeung sok nanya diri Na kunaon haté bet gandrung Mitineung kanu saurang Liwung gandrung ngalanglayung (M/J) Kacapi nu jadi saksi Nyaksian lalakon diri Rumpaka natrat nyarita Tandaning kuring micinta Narasi : Eulis, basa salira munjungan dina mangsa wawanohan. Galindeng soanten asa kapireng, “akang, nepangkeun abdi…”. Duh, soca nu cureuleuk ngolébat dina lolongkrang kiceup. Salira tungkul nyumputkeun imut, lambey ngawet mipit asih. Sajorélat kiceup ngampih. Salira mah moal terang, antara harepan jeung hariwang sok inggis asih nogéncang, haté dipuntangan bingbang. Lagu : (J) Eulis akang téh bingbang Lami basa mimitran Eulis duh buah haté Iraha akang ka bumi Eulis akang ngantosan Nganti naon putusan Eulis duh kembang soca Piraku nu geulis téga Kapan urang sasarengan Melakkeun tangkal harepan Tepang téh teu acan lami Piraku paturay deui Narasi: Sakapeung akang sok hayang tumanya kanu keur kabeulit ku asih, naha naon ari cinta? Nu datangna tara bébéja, lamun indit tara pamit. Da geuning sakapeung sok malik nanyakeun. Mun duriat dihalang-halang, naon nu jadi alesan? Naon nu jadi lantaran? Lagu: (M) Naon nu jadi alesan Naon nu jadi lantaran Naon nu jadi ukuran Duriat dihalang-halang (J) Naha urang bet patepang Naha asih bet sirungan Boa haté teh longkéwang Duriat mah ukur impian (M) Nu lepat mah boa tepang salah mangsa Bibit asih biheung deui manjing wanci (J) Salira mah balébat ti belah wétan Pamohalan mun kudu tepung jeung layung (M) Saha nu rék disalahkeun Saha nu rék dibongankeun (J) Saha anu rék nulungan Nu salah mah bongan sorangan Lagu: Di imah kuring nu indung Pujaan bapa pinasti, deuh Da bongan lampah kaula Tékad rék sumerah diri Rék dihideung rék dibodas Ceuceu akang nu masini, deuh Rumasa kuring mah dusun Taya basa tuna harti, deuh Di DAMAS éstuning nyemah Nganti asih ti pribumi Tékad diri rék sumerah Teu maksad ngabibisani #LaguSunda #LaguLawas #LaguSundaKangIbing #KangIbing Disclaimer: Lagu didapat dari internet tanpa licensi. Hak cipta lagu milik pencipta. Penyebarluasan pada channel ini hanya bertujuan untuk melestarikan lagu sunda tempo dulu.

Lagi Sunda Kang Ibing - Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang

KAWIH SUNDA ALM. KANG IBING ✨BRAY CAANG✨ NYURUCUD CIMATA ..

JAWARA JAIPONGAN LAWAS SINDEN LEGENDARIS IPAH GEBOT

Bodor Sunda Pikaseurieun Kang ibing, ijeum jeung Cepot

Degung Sunda Pernikahan, Lagu Mahal 70jt | Album Sabilulungan - part 11

DEGUNG SUNDA MUSIK HAJATAN MERDU TANPA IKLAN

KAWIH SUNDA CIANJURAN ✨ NENENG DINAR ✨ LEMBUR PANINEUNGAN JANTEN SONO KA LEMBUR.

Aku Ditinggalkan di Hari Pertunangan, Lalu CEO Misterius Datang Menyelamatkanku

LAGU POP SUNDA BIKIN MERINDING SUARANYA MERDU FULL BASS ENAK DIDENGAR

Tembang Pitutur Sunda Cianjuran Paling Merdu & Menyentuh Hati: Papatah Kolot Penuh Makna 🍃✨

KANG IBING NGAWANGKONG

DEGUNG KAWIH L.S.GENTRA PASUNDAN (Juru Kawih : TETY AFIENTI AFANDI).

Papantunan kang ibing - Carios m'bah buntut Tamat

TEMBANG SUNDA CIANJURAN BIKIN SUASANA HATI JADI TENTRAM

DONGENG KANG IBING LUCU FULL NGARONDA #kangibing #dongeng #dongengsunda

POP SUNDA PALING ENAK BUAT SANTAI | MERDU BIKIN MERINDING | LAGU SUNDA TERBAIK 2026

KAWIH SUNDA CIANJURAN " LEMBUR PANINEUNGAN" NENENG DINAR, MENI KURAOS DI DANGUKEUNNA ENJING KENEH
![KARYA KANG IBING DI DAMAS [Hight Quality Audio]](https://i.ytimg.com/vi/TXL7jNxf1nw/hqdefault.jpg?sqp=-oaymwEjCNACELwBSFryq4qpAxUIARUAAAAAGAElAADIQj0AgKJDeAE=&rs=AOn4CLAxeecL1V_Qq8zwfONhOBPvX2uSZA)
KARYA KANG IBING DI DAMAS [Hight Quality Audio]

Degung Sunda Pernikahan Cocok diputar Sambil Ngopi di Saung Sawah | Degung Sunda Full Album

