Wayang Golek GH2 Rebahna Sopala (Video Live) - H. Ade Kosasih Sunarya
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial. Vidéo pagelaran wayang golék Giri Harja 2 pingpinan dalang H. Ade Kosasih Sunarya ieu mangrupakeun aplod ulang nu saméméhna dibagi dua bagéan. Ayeuna mah full vidéo ogé full gambar videona. Sihoréng pagelaran wayang golék ieu aya dua judul. Nu kahiji ngalalakonkeun rebahna Sopala. Nu kadua ruwatan pamundut nu gaduh hajat dina lalakon Ruwatan Batara Kala di Desa Cihideung Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat. Mung pagelaran ieu masih can kapaluruh taun sabaraha. Aya kamungkinan pagelaran antara taun 1990 – 1995. Kapireng aya sora juru tempas nyaéta Mang Asép Ana. Mémang dalang Ade Kosasih Sunarya jarang pisan vidéo panggungna nu diaplod ka internét, seuseueurna dina format audio kasét. ========================= Lakon nu kahiji nyaritakeun riungan di Karaton Indrapahasta Amarta. Harita karaton Indraprahasta karék anyar diwangun. Caritana dina awal lalakon ieu rék dilaksanakeun gunting pita peresmian karaton. Kadang warga Pandawa diarundang saperti ti Wirata, Cempalareja, Mandura, Mandaraka, Talkanda, ogé wawakil ti Astina Resi Dorna. Prabu Anom Yudistira ngarasa bingung saha nu dipercaya ngagunting pita ogé nginum anggur sawarga maniloka paméré déwa. Antukna Yudistira mercayakeun nu bakal ngaresmikeun ogé nginum anggur sawarga nyaéta Batara Kresna nu dianggap gedé jasana ka Pandawa. Tapi waktu Batara Kresna rék nginum anggur sawarga, aya nu ngajorowok diantara tamu undangan nyaéta Sopala. Naon sababna Sopa teu satuju? Mangga bandungan wé dugi ka réngsé kalebet lakon Ruwatan Batara Kala.

Wayang Golek GH2 Dewa Nurcahya (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya

PAGELARAN VIRTUAL WAYANG GOLEK DUTA KOMARA PUTRA||DALANG WIDODO JAYA KUSUMA||LAKON AMAR SAKTI

cepot vs buta batak_wayang golek cepot vs buta batak full episode

Ruatan Batara Kala (Video & Audio Live) - H. Asep Sunandar Sunarya GH3

Dawala Reformasi (Audio Panggung, 1998) - H. Ade Kosasih Sunarya

GATOT KACA DI FITNAH KURAWA JADI PASEA GEDE

BATARA DEWA SANGA - KH. ADE KOSASIH SUNARYA

Wayang Golek GH3 Cepot Jadi Sanghiang (Video Live, 2011) - H. Asep Sunandar Sunarya

Wayang Golek GH2 Bangbang Kilat Buana (Audio Panggung, 1995) - Ade Kosasih Sunarya

Kangsadewa Aden Jago || Giriharja 2 Putu || Khanha Kosasih Sunarya || Part 3

Wayang Golek GH2 Gugurna Patih Suwanda (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya

Goro-goro bagong sinden 4yuk ng4kak sampek ng0mp0l👉wayang kulit dalang ki seno@Sindenlucu82

Wayang Golek Asep Sunandar Sunarya - Semar Jadi Raja

Wayang Golek GH2 Sanghyang Sukma Déwa (Audio Kaset) - Adé Kosasih Sunarya

CARITA BAYU SUTA PAWANA || AJARAN HIRUP TI SEMAR || WAYANG GOLEK Alm Asep Sunandar Sunarya

LIVE PANGGUNG / BAMBANG PANJI SETRA - KH ADE KOSASIH SUNARYA

SANGHYANG SUKMA DEWA - KH. ADE KOSASIH SUNARYA

Carita/Lalakon Gatot Kaca Mangkat Birahi full audio mp3

GIRIHARJA KRAMA PART 2 | ABAH KH ADE KOSASIH SUNARYA

